Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat-imut, lucu
Sura-seuri, nyari
Larak-lirik, keupat
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan

Gareulis, lalenjang
Disinjang, lalenjeng
Estu surup mun leumpang
Mojang Priangan

Di gigirna ge lenggik
Ti hareupna ge sieup
Di tukangna ge lenjang
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Pami emut sok nyari
Matak resep ningali
Kurindakna kataji
Mojang Priangan

MusikLib

Artis

:

Judul

:

Mojang Priangan

Published

:

February 23, 2024